Minggu, 19 April 2015

>PEPELIN TI INDUNG< Jang Hirup teh teu gampang Teu cukup ku dipikiran Bari kudu dilakonan JangJalan kahirupan Heunteu sapanjang na datar Aya mudun jeung tanjakan Kudu sabar dina kurang Ulah neupak dada beunghar Salawasna kudu syukur Eling ka nu Maha Agung Kade hidep bisi kufur Jang Cing jadi jalma hade Cing jadi jelema gede Beunghar harta jeumar hate Jang Hidep cing ngajalma Turut parentah agama Ulah jauh ti ulama Nyobat sareng ahli tobat Dalit sareng para kiyai Hirup keuna ku owah gingsir Ngarah aya anu ngageuing Mangsa lengkah ninggang salah Cing pinter tur bener Cing jujur ton bohong Ulah nganyeurikeun batur Ngarah hirup loba dulur Raksa ucap langkah Tekad jeung tabe'at Ngarah pinanggih bagja Salamet dunia akherat Jang.. Jang… Cing jadi jalma sholeh Jang…. Jang… Hidep cing sholeh


Tidak ada komentar:

Posting Komentar